geulis kuring seja tumaros
naha hanjuang beureum masih anteb
na tatapakan Hate
laratanna Kuring harita geus pasini
bakal nyampeur deui harepan urang

geulis,
mun enya teh kuring bisa mulang
hayang dipapag ku jatining ati
ku seungitna kaemasan asih urang

Duaan